Gagak Jadi Hideung


Dongeng “Gagak jadi Hideung”

Kacaritakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibeulitkeun kana pancuh tambakan Beulah dieu. Awakna malang dina balong eta, tuluy di ayunkeun goplak, goplak, goplak di pake nawu balong tea. Teu kungsi lila balong teh saat, laukna cing kocopok loba. jol datang gagak kadinya, (harita mah gagak teh buluna bodas ngeplak). Teu puguh-puguh, gagak teh malah ngadahar lauk nu aya dibalong eta, nepi ka beak lauk nu baradagna oge, ku oray naga katempoan gagak maling lauk, geuwat di genggereuhkeun, tapi gagak malah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambeuk, sebrut bae di udak gagak teh. Gagak teh hiber tarik pisan, gagak teh bingung da di berik wae, da sieun ka tewak ku oray naga. Kabeneran aya nu keur neuleum, gebrus bae gagak teh asup kajero pijanaan.  Atuh ari muncul deui teh geus lestreng.
Barang jol oray naga teh panglingngeun, da gagak anu tadi teh jadi hideung lestreng. Pok teh oray naga nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu ngaliwat kadieu?“ gagak teh sorana di gedekeun, ngomongna oge basa betawi, da sieuneun katara, “Engga, gaaaa!” ceuk gagak teh. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana “gaaa, gaaak!”.


Rincian Dongeng            :
Ø  Judulna                        : Gagak Jadi Hideung
Ø  Bahasana                     : Kasar
Ø  Palakuna                      : Gagak jeung Oray Naga
Ø  Watek palakuna          : Gagak (Badeur, sok daek nyopet, bedegong)
  Oray Naga (Getol, daek usaha, rajin)
Ø  Tempat/latar    : Caritana jaman baheula di hiji balong anu loba laukna
Ø  Hikmah/amanah          : Ari jadi jalma teh kudu getol, daekan, ulet, usaha mun aya kahayang ciga oray naga, ulah kawas gagak anu haying nunah sorangan embung barang gawe.


Komentar

Posting Komentar