Biantara


Bismillahirahmannirahim
Assalamualaikum Wr Wb
Sampurasun !                       
Wilujeng Wengi para hadirin anu sami linggih, utamina bapa bupati anu ku sim kuring dipikahormat. Sadaya puji sinareng sukur mung kanggo anjeuna, Gusti Alloh anu maha kuwasa, pangeran urang sadaya. Salam kahornatan kasanggakeun ka jungjunan urang, Nabi Besar Rosulluloh Muhamad SAW. Teu hilap ka kulawargana, para sohabatna, sareng umatna, insya alloh kalebet urang sadayana. Amin!
Para hadirin sadaya, dinten ieu urang mieling Dinten AIDS sadunya, Dina kasempatan ieu sim kuring salaku ketua Yayasan Cinta Indonesia bade meberkeun/ngajelaskeun naon eta AIDS, Peyebabna naon, Sareng naon Dampakna kanggo urang sadaya.
Para hadirin anu ku sim kuring dipikahormat, AIDS teh nyaeta salah sahiji panyakit anu pang bahayana, ceuk ilmu kadokteran mah AIDS teh nyaeta ruksakna/turunna sistem kakebalan awak urang nu disebab ku virus, ngaran virusna nyaeta HIV. Panyakit ieu nepi ka kiwari teu acan aya landongna, mung aya terapina hugkul supados eta virus teu nyebar. Jadi seueur jalmi anu kainfeksi panyakit ieu nu maraot.
Panyakit ieu beda jeung panyakit nu sejenna, panyakit ieu sanes katularkeun lewat udara, batuk, bersin, sasalaman, atanapi nganggo alat mandi sapake. Panyakit ieu nularna akibat hubungan seksual, transfusi darah, sareng nganggo jarum suntik anu heunteu steril. Panyakit AIDS oge tiasa katularkeun lewat Indung anu kainfeksi panyakit AIDS ka anakna. Jadi intina mah panyakit AIDS teh katularkeun akibat pergaulan bebas anu jaman kiwari tos merajalela. Sim kuring ngingeutkeun ka para sadaya sakumna para remaja, urang kudu tiasa ngajaga diri urang sadaya, sabab mun sanes diri urang sadaya nu ngajaga, bade saha deui ?
Para hadirin anu sami lenggah, Panyakit ieu seueur pisan dampakna, diantarana urang bakal dikucilkeun jeung teu dibaturan ku masyarakat, sabab manehna sieun katularan. terus salian dikucilkeun, urang bakal sering diserang panyakit nu sejenan, saperti diare, kanker, gagal jantung, jsb, eta panyakit datang ku sabab sistem kakebalan awak urang lemah.
Para hadirin anu ku sim kuring dipikahormat, Mung sakitu anu tiasa ku sim kuring disampekeun, hampura bilih aya kalepatan. nu sae datangna ti gusti alloh, nu awon datangna ti kagorengan sim kuring.
Wassalam

Komentar